Subtitution: Siliwangi replaced by …….

Lagi-lagi Persib gagal meraih hasil maksimal saat menjamu Persikota di kandang sendiri, Stadion Siliwangi Bandung. Kunaon coba? Faktor kelelahan kah? Asup akal siyh…Tapi da maeunya pedah eta wungkul euy, da pamaen Persikota ge kelelahan atuh meureun. Bingung aing mah. Ini adalah kegagalan meraih point di kandang untuk yang kesekian kalinya, mun teu salah mah 3 kali berturut-turut euy, semenjak Liga putaran ka-2 dimulai we…

Sigana mah bener tah Prabu Siliwangi ngamuk teh. Da atuh maraen bal peuting-peuting, batur mah keur meujeuhna sarolat jam sakitu teh. Jabaning jam sakitu mah Prabu Siliwangi teh keur rek he’es meureun, der ieu mah garandeng gogorowokan…jadi we teu dibere meunang.

Ari kuring mah hayang menyorot Stadion kabangga urang sarerea tea euy. Eta euy jukutna Siliwangi teh meni hejo…kuat ka hejo anj*ng. Kebul wungkul kitu euy, totorombolan mah geus puguh, jadi we pan permainan teh tidak maksimal. Kudu diakui euy da Home Sweet Home urang nu hiji eta teh geus teu layak euy. Sigana mah Leo Messi ge moal bisa ngocek di dinya mah, punten yeuh baraya, kuring mah hayang objektif we.

Jadi iraha atuh ceunah stadion anyar teh??

~ by naturalbornlooser on September 4, 2007.

Leave a Reply